Rabu, 25 Februari 2015

Makalah Basa Sunda ngajaga kabersihan lingkungan


PANGJAJAP


    Sagala puji mungguh kagungan ALLAH nu murbeng alam,nu kawasa ngusik malikkeun alam katut sakumna makhluk anu kumelip.Sholawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan alam,kanjeng Nabi Muhammad SAW,kapara karabat sareng sohabat tug dugi ka urang salaku umatna anu tumut tur turut kana ajaranna.Amin
    Aya rasa nu teu kareka ku basa satutasna simkuring saparakanca ngarengsekeun ieu makalah anu mangrupikeun salah sawios pancen ibu guru mata pelajaran bahasa sunda.
    Rumaos yen seueur kakirangan,tur kalepatan.Kantenan pisan simkuring saparakanca miharep rupining kamandang atanapi kritik enggoning ngaronjatkeun ajen ieu makalah.
    Pamungkas ka sugrining wargi nu parantos masihan kamandang atanapi kritik na,simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun,mugia sagala rupi kakirangan sareng kalepatanna tiasa dimaklumi ku wargi-wargi sadaya kumargi simkuring saparakanca masih  keneh aya dina proses pangajaran.


Panggilingan,16 januari 2015

Nu nyusun

DAFTAR EUSI

Pangjajap……………………………………………………………………. i
Daftar eusi…………………………………………………………………... ii
BAB I Bubuka……………………………………………………………….1
?    Kasang tukang………………………………………………………..1
?    Tujuan………………………………………………………………...1
BAB II Bahasan (Miara jeung ngalestarikeun kabersihan dilingkungan masarakat)……………………………………………………………………2
?    Gotong royong jeung reboisasi………………………………………..2
?    Sarana jeung prasarana………………………………………………..3
?    Antusias masarakat dina ngalaksanakeun kagiatan gotong royong jeung reboisasi……………………………………………………………….4
BAB III PANUTUP………………………………………………………….5
?    Kacindekan……………………………………………………………5
?    Saran…………………………………………………………………..5

BAB I

BUBUKA

KASANG TUKANG
    Alhamdulillah ayeuna kaayaan lingkungan di masarakat teh tambih dieu tambih sae sareng beresih,lantaran ku di ayakeun na kagiatan-kagiatan anu nyangkut paut kana kabersihan lingkungan saperti gotong royong jeung reboisasi,sareng ku di ayakeun na sarana prasarana anu tiasa ngabantu kana ningkatkeun kabersihan lingkungan saperti di ayakeun na TPS(tempat pamiceunan sampah) tempat sampah kuliling,sareng sarana prasarana anu tiasa nyumponan kana kagiatan gotong royong sareng reboisasi .
    Diayakeunna kagiatan gotong royong the kanggo ngabersihkeun lingkungan supados teu seueur runtah-runtah di sagala tempat.Kagiatan reboisasi the tujuanna kanggo ngahejokeun lingkungan jeung nyegerkeun polusi udara sareng supados tiasa nyerep cai upama sawaktu-waktu aya hujan ageing ambeh bencana banjir sareng longsor teu kajadian ku alatan lobana tatangkalan anu nahan jeung nyerep cai hujan.

TUJUAN
    Tujuan simkuring saparakanca nulis makalah ieu the kanggo ngarengsekeun pancen ti ibu guru bahasa sunda.Salian ti eta tujuan simkuring saparakanca the nyaeta hoyong :
1.    Ngarah urang sarerea tiasa sadar jeung ngarti yen kabersihan lingkungan the penting jang kahirupan urang.
2.    Ngarah tiasa ngamotivasi jeung umajak ka wargi-wargi sadaya supados ngajaga kabersihan lingkungan khususna ka simkuring saparakanca, umumna ka wargi-wargi sadaya.
3.    Ngarah tiasa ngembangkeun antusias masarakat kanggo ngalaksanakeun kagiatan anu aya patalina sareng kabersihan lingkungan.

BAB II

BAHASAN


GOTONG ROYONG JEUNG REBOISASI

Gotong royong jrung reboisasi the mangrupi salah sawios cara ngajaga kabersihan lingkungan,gotong royong the nyaeta kerja bakti ngaberesihkeun lingkungan dina sasampahan nu matak ngabalaan anu dilaksanakeun ku masarakat di hiji daerah/tempat.Reboisasi nyaeta kagiatan ngahejokeun alam ku cara melak tatangkalan disisi jalan,lahan nu kosong,jeung di gunung-gunung atawa pagunungan anu tos gararundul.Tujuan di ayakeunna reboisasi the sangkan upama sawaktu-waktu aya hujan gede moal kajadian musibah banjir,longsor ku alatan si cai hujanna kaserep ku tatangkalan nu di pelak.
      Cara ngalaksanakeun gotong royong the diantarana nyapuan jalan,nyabutan jujukutan liar,ngarabutan kekembangan anu ngabalaan,jsb.
      Kitu oge lamun kagiatan reboisasi jeung gotong royong bias dilaksanakeun kukaayaan lancer,lingkungan urang the bias jadi lingkungan anu bersih jeung layak dicicingan jeung hawa udara na oge seger.

SARANA JEUNG PRASARANA

Sarana jeung prasarana nu ngamadai the kaasup kana hal anu bisa ngalancarkeun jalanna program gotong royong jeung reboisasi.Salah sawios conto sarana prasarana the nyaeta TPS(tempat pamiceunan sampah),tempat sampah,tukang sampah kuliling,singkup,pacul,gerobak sampah.
Tah kuayana sarana prasarana eta the insya allah program gotong royong jeung reboisasi the bisa kajalanan ku kaayaan lancar.Ku di ayakeunna TPS the ambeh masarakah the ameh masarakat miceun runtah katempatna sanes kamana wae lung na sareng ku di ayakeun na tukang sampah kuliling the ameh unggal enjing-enjing atawa siang si sampah di unggal bumi the dicandakan langsung dikumpulkeun anu akhirna mah di duruk weh di tempat sampah.Tapi upami sakirana aya sampah anu tiasa di daur ulang,sapertos sampah organic jeung anorganik tiasa di mangfaatkeun teras di daur ulang di jantenkeun pupuk.
Upamana sarana prasarana the kirang ngamadai ketua RW the tiasa ngusulkeun ka pamarentah ngeunaan hal eta,ku eta oge tiasa ngajalin hubungan anu hade antara masarakat jeung pamarentah the.

ANTUSIAS WARGA DINA NGALAKSANAKEUN GOTONG ROYONG JEUNG REBOISASI

Salian ti sarana jeung prasarana the antusias warga oge kaasup kana hal anu bisa ngalancarkeun kana  program gotong royong jeung reboisasi ,antusias warga the rupa-rupa aya anu antusias aya oge anu henteu .
Kuduna mah urang the antusias pisan kana hal eta the sabab eta oge aya patalina jeung kanyamanan sareng kasehatan dina kahirupan urang .
Tapi Alhamdulillah ampir tisabagian warga the satuju kana program gotong royong jeung reboisasi teh . berarti eta warga the geus ngarti kana kawajiban na salaku warga nyaeta ngajaga lingkungan .
Mun upamana aya warga anu henteu antusias jeung teu satuju kana program eta the berarti eta warga the can sadar yen kabersihan lingkungan the penting jang kahirupan urang .
Antusias warga the dibutuhkeun pisan sabab hal eta mang rupi pokok utama atau hal utama anu bisa ngalancarkeun jalana program gotong royong jeung reboisasi .
Lamun teu aya pisan antusias ti warga pasti we sagala kagiatan anu aya patalina jeung kabersihan lingkungan the moal bisa kalaksanakeun .

BAB III

PANUTUP

KACINDEKAN

Lingkungan masarakat the mangrupi lingkungan tempat urang cicing . lamun lingkungan urang henteu bersih jeung teu sehat , pasti na urang moal ngarasa nyaman nyicinganna ge .kumargi kitu urang kedah ngajaga kabersihan lingkungan , salah sawiosna kucara gotong royong jeung reboisasi . hal-hal anu mangaruhan kana kalancaran jalana gotong royong jeung reboisasi the diantara na nyaeta :
  1. Sarana jeung prasarana
  2. Antusias warga
      Kuayana dua hal eta pasti kalancaran program gotong royong jeung reboisasi the pasti bakal kalaksanakeun ku kayaan lancar . kitu deui mun program eta bisa kalaksanakeun pasti na oge bakal kaciptakeun lingkungan anu bersih layak jeung sehat .

 SARAN

Lamun urang hoyong lingkungan the bersih jeung sehat urang the kudu ngalaksanakeun :
  1. Miceun sampah kana tempatna
  2. Antusias kana kagiatan gotong royong jeung reboisasi
  3. Nyapuan sampah nu ngabalaan
  4. Nyabutan jujukutan liar jeung kembang-kembang nu matak ngabalaan,jsb

Oitulah karya anak SMPN I IBUN yang saya muat di blog ini yaitu makalah basa sunda ngajaga kabersihan sakola semoga makalah ini bermanfaat terima kasih
wassalam

0 komentar:

Posting Komentar

SILAHKAN BERKOMENTAR DI SINI

 

Blogger news

About

Copyright © BLOG EDUKASI Design by BTDesigner | Blogger Theme by BTDesigner | Powered by Blogger